You are on page 1of 1

BASISIR DIRI

Karya. Nanang SOS

Ngangkleung anteng luhureun ombakna Lautan


Laju ngidul Parahu muru kapangjugjugan lumaku
Nya di dieu Lambak mijah mawa Budah nu marudah
Ngajungkiring Batu Karang ngabedega ngabebengkang
Ngahalangan

Ngangkleung anteng luhureun ombak Lautan


Ka pangjug-jugan diri di aping ku Angin Basisir
Biru Laut motah dina budah ombakna pikir sorangan
Ngagerendeng hate guntreng galecok dina panineungan

Laut Kuring laut Anjeun biru dina alak paul


Ting sereset sora hate dipepende ku kasimpe
Panyawang labas kapeuntas meuntaskeun rasa kawaas

You might also like