You are on page 1of 1

NGARAN : ..................................

====================================================================
" LIBURAN KA PUNCAK BOGOR"

Dina wanci peré sakola panjang dina taun kamari anu pas pisan sareng taun baru 2018,
abdi sareng kaluargi angkat liburan sakola ka daerah puncak nuaya di bogor, jawa barat.
Puncak bogor mangrupakeun salah sahiji tempat lokasi wisata anu hadé ceuk abdi.
Dimana didinya suasanana téh mani tiis pisan, jabi loba tatangkalan, sarta kebon-kebon téh.
Teu heran seueur ogé jalmi-jalmi anu nganjang nu ngahaja ameng kadinya, komo deui
lamun pas peré sakola atawa tanggal bereum mah, sapertos dinten sabtu saréng minggu pasti
rame didinya.
Abdi sareng kaluargi ngendong di puncak bogor salami dua dinten, abdi ameng ka
sababaraha lokasi anu éndah nu aya didinya, teu hilap ogé abdi nyempatkeun kanggo foto-foto
keur update status di pesbuk, salajengna abdi ameng ka kebon téh sareng seueur deui anu
sanesna.
Dina wengina pas pisan arék taun baru 2018, abdi sareng sadérék kaluargi ngabeleum
jagong, hayam heula didinya, katingali didinya ogé seueur jalmi-jalmi nu lian anu keur
bebeleman bari cenah ngadagoan taun baru 2018.
Seueur pisan pangingetan sarta pangalaman anu éndah abdi salami aya di daerah puncak
bogor salami dua dinten éta téh. Pokona saprak kadinya, leungit sadaya hawa ka capé, stres, sarta
pamikiran anu sanesna.
Teu hilap sateuacan abdi uwih ka bumi, abdi meser heula oleh-oleh sapertos tales, buah,
sareng kaemaman liana pikeun engkina dipasihkeun ka réréncangan, dulur, sadérék tatanggi di
bumi engkina.
Nah, sakitu waé mung carita pondok pangalaman pribadi ti simabdi basa keur peré sakola
panjang keur kamari. Hatur nuhun ka sadayana.

Jawab pananya dumasar kana bacaan diluhur!


1. Naon tema carita pondok di luhur?
2. Saha nu liburan ka Puncak Bogor?
3. Kumaha kaayaan di Puncak teh?
4. Iraha nu piknik ka Puncak Bogor?
5. Naon wae nu dilakukan di Puncak?
6. Sabaraha dinten liburan ka Puncak Bogor?
7. Naon wae nu di peser di Puncak?
8. Naon nu dimaksud ‘update” teh?
9. Kanggo saha wae meser oleh-oleh teh?
10. Pkabetaheun henteu kaayaan di Puncak teh?

Jawab pananya dihandap!


1. Jieun kalimah/omongan panyeluk.
a. .....................................................
b. .....................................................
2. Jieun kalimah/nu merlukeun wincikan.
a. .....................................................
b. .....................................................
3. Sebutkeu tilu sato nu hirup di cai jeung di darat!
4. Jieun kalimah tina kecap “awaking”!
............................................................
5. Gambar di gigir ngarana : ...............................

You might also like