You are on page 1of 6

Bismilaahirrohmanir rohim,

Assalaamualaikum wr. wb..

Hadirin anu kusimkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sareng
syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa
kumpul ditempat ieu. Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka Nabi
Muhammad SAW, kulawargana, sahabtna, sareng umatna nepi ka akhir zaman.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan
waktos kanggo sasanggem dina acara peringatan hari kemerdekaan republik indonesia anu
ka 72 ieu.

Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna rerencangan sakola
sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh, Dinten ieu, dina raraga paturay tineung
Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan
nagara urang anu ka 72.

Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang
kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia. Ku kituna urang, salaku generasi
muda penerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan
diajar anu giat ngawujudkeun cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu
lewih hade ajang kahareupna.

Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka mengisi
kemerdekaan ieu. Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba, jauhan pergaulan bebas,
ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna. Intina, urang sami-sami hayu babarengan
ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu positif sarta mangfaat pikeun diri urang.

Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun, saupami dina
biantara ieu aya pisanggem anu kirang merena

Billahi taufikq walhidayah

Assalaamualaikum wr. wb..


Nama : Shofura Dini. H Kelas : IX.H

Assalamualaikum.wr.wb..

Puji syukur urang sanggakeun ka gusti nu maha esa anu geus


ngalimpahkeun rahmat na ka urang sadaya jeung urang tiasa kumpul
didieu dina kaayaan sehat walafiat.
Hadirin anu salinggih..
Pikeun nyambut HUT kemerdekaan indonesia anu ka-72
Pangwangunan nu tos aya salami ieu di wilayah urang sarerea
khususna di wilayah lingkungan kampung Cibening Purwakarta,
mangga ku urang sarerea ditata deui sangka. leuwih sae kanggo ka
payunna.

Hadirin anu salinggih..


aSlain ti eta urang sadaya kudu inget ka para pajuang atawa pahlawan
anu geus mempertaruhkeun jiwa ragana kanggo negara urang nyaeta
negara indonesia, para pajuang ngajarkeun urang sadaya pikeun
urang tiasa jadi penerus bangsa anu alus atawa pikeun berguna ka
bangsa jeung nagara.

Hadirin anu salinggih..


Kirana teu kenging deui aya perpecahan sarta permusuhan,
pembunuhan, sareng seueur deui kajadian anu sanesna. Mudah-
mudahan jeung samangat 45 urang ngabangun nagara ku sifat anu
silih asah, silih asih, silih asuh, sareng silih tulungan ka sasama atawa
ka lingkungan sareng alam nu aya di lingkungan urang sarerea,
pikeun terjalina kaharmonisan saperti nu urang harapkeun, pikeun
jadi nagara anu sejahtera.
Ku kituna hayu urang teruskeun perjuangan para pahlawan nagara
nu geus gugur di medan perang sangka teu sia-sia hasil perjuanganna
sangka pikeun ngawujudna kahirupan berbangsa nu makin
sejahtera, demokratis, sareng berkeadilan.

Hadirin anu salinggih..


Rupina cekap sakieu biantara ti simkuring.Hapunten bilih aya saur
teu kaukur basa teu kareka atanapi ucap anu kirang dina larapna.

Wassalamualaikim.wr.wb..
Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku
umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin. Simkuring ngadeg di payuneun
hadirin sadaya wirh kapancnan salaku panata acara seja ngadugikeun
sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna :

1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Quran dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup
Assalamualaikum. Wr. Wb
Bismilahhirohmanirrohim, alhamdulillahirobbil alamin,
Puji sinareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka illahi rabbi, anu parantos maparin
nikmat sareng hidayahna ka urang sadayana, shalawat sinareng salam mugia dilimpahkn ka
junjunan alam kanjeng nabi muhammad saw, kulawargi katut para sahabatna, nu mudah-mudahan
akhirna dugi kaurang sadaya salaku umatna.
Bapak kepala Desa anu ku sim kuring dipihormat, Para tamu undangan anu ku sim kuring
di pihormat, teu hilap ka para wargi anu sami hadir di ieu patempatan anu ku sim kuring
dipihormat, mugia sayana kengeng kamulyaan nu sasae-saena mungguh allah SWT.
Langkung tipayun simkuring neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng
kumawantunna simkuring nyarios di ieu patempatan. Hapunten sateuacanna bilih aya ucap sareng
lampah simkuring nu teu sapagodos sareng kahoyong sadayana. Bilih aya cariosan nu kirang
mernah margi sim kuring sanes ahli bahasa.
Bapak-bapak, ibu-ibu anu di mulyakeun ku allah, simkuring ngadeg di ieu patempatan seja
ngadugikan sababrupi hal ngeunaan lumangsungna ieu acara. Sapertos kauninga ku sadayana, ieu
acara teu acan tangtos tiasa lumangsung saupami tanpa aya perencanaan sareng dukungan
tisadayana. Kumargi eta dina waktos nu mulya ieu sim kuring seja ngadugikeun laporan
pertanggung jawaban sim kuring salaku panitia penyelenggara peringatan poe kamerdekaan.
Bapak-bapak, ibu-ibu nu dipihormat, acara peringatan poe kamerdeakaan tiasa janten
terselenggara kalayan sukses berkat dukungan ti sadayana, boh moriil atanapi materilna. Peryogi
kauninga ku sadayana acara ieu nyeepkeun biayana nu cukup ageung diantawisna,
A. Biaya sound system Rp. 200.000
B. Dekorasi Rp. 100.000
C. Transportasi Rp. 50.000
D. Mubaligh Rp. 300.000
E. Konsumsi Rp. 350.000
F. Administrasi Rp. 100.000
G. Lain lain Rp. 200.000 +
Jumlah Rp. 1.300.000
Samentawis dana nu tiasa dikumpulkn kanggo nutupan kaperyogian tadi nyaeta ti :
A. Iuran palawargi sadayana Rp. 500.000
B. Bantuan kepala Desa Rp. 200.000
C. Bantuan ketua RT Rp. 300.000
D. Para donatur Rp. 300.000 +
Jumlah Rp. 1.300.000
Syukur alhamdulillah sim kuring muji ka illahhirobbi tina rahmat nu dipasihkeun ku
mantenna.
Jalaran ti eta, atas nami ketua panitia penyenggaraan peringatan poe kamerdekaan, sim
kuring ngahaturkn nuhun tina sagala rupi kasaean ti bapak-bapak, ibu-ibu nu teu tiasa disebatan
namina sewang-sewangan. Mugia Allah SWT masihan berkah sareng rohmat ka sadayana.
Rupina sakadar laporan ti sim kuring dicekapkeun sakieu, bobo sapanon carang sapapan
langkung saur bahe carek, boh bilih aya kecap nu teu kaungang-ungang kalimat anu teu mernah,
mugia bapak sinareng ibu tiasa ngahapunten.

Wa Billahi taufik wal hidayah, Wasssalamu alaikum Wr. Wb.

You might also like