alihi wasobihi azmain, Amma badhu Langkung tipayun urang sami sami sasarengan muji sukur ka dzat Alloh nu maha gofur, solawat sareng salam mugia Alloh limpahkeun ka panutan Alam Habibanna wa nabiyana kanjeng nabi Muhammad SAW. Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh Dina mangsa kiwari teu saeutik jalmana anu ngadewa dewakeun elmu pangaweruh jeung harta kakayaan, tapi kanyataan teu bias dibantah deui yen ku elmu pangaweruh jeung harta kakayaan tanpa akhlak anu mulya kakacowan dunya teu bias dibereskeun kaamanan jeung kasejahteraan nepika kiwari can bias diwujudkeun. Jadi atra pisan yen akhlak anu mulya pohara diperlukeunana pikeun pribadi, kulawarga oge masarakat. Dawuhan Alloh dina hadist kudsi anu kieu kirang langkung pihartoseunana: Kami geus nyieun abdi abdi kalawan elmu Kami, saha anu dikersakeun ku Kami jadi jalma anu hade,ku kami bakal dibere akhlak anu alus, jeung sing saha anu ku Kami jadi jalma anu goreng, maka Kami bakal mere ka eta jalma akhlak anu goreng. Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh Dina ngabina umat, Rosullulloh lain ngan sa ukur loba nyarita wungkul, pinter teori, tapi bari ngamalkeun naon naon anu ku Mantena diajarkeun. Malah jadi conto pikeun sakumna umat. Mudah mudahan urang sadaya tiasa nyonto kana akhlakna Rosullulloh SAW. Sakitu anu tiasa kapihatur, margi waktos parantos wengi