You are on page 1of 2

Kabersihan

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana


kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat
kalayan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.


Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo
urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan
sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku
margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan
ti ayuena.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun


Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina Iman
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang
teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya
iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas
alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu
didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.
Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan
hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa,
bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana
jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien Hayu urang sami-sami ningkatkeun
pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana
ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu
kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa
ngahapunten.

Nama : Aziz Darmawan

Kelas : VI (Enam) SDN Panghegar


Assalamualaikum wr. Wb

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu


Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah
SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan
sehat walafiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku
umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu
ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan
kelas genep.

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak
saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan
rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu
guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun
ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif
sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal
kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten.
Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr.wb

Nama : Aziz Darmawan

Kelas : VI (Enam) SDN Panghegar

You might also like