You are on page 1of 3

Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah,

sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah


cumarita seja wakca balaka, wirh sim kuring sans pujangga
anu ahli ngarka basa, sans sastrawan anu ahli dina
ngarah caritaan. Kumargi kita paralun maklum anu
kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu
acara kirang nyorang kana kakedahannana.Ka para ahli
ngukir syair, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah
ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum
sakedapan hoyong dikorksi, diropa, og dioman manawi
tiasa nyampurnakeun kana curat-cort sim kuring.
Ngawitan
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangran, Dzat anu Mahawelas tur
Mahaasih. Seja kaula ngawitan mituturan dua pasang
manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi Gusti Nu
Mahasuci ngalangkungan jalan jatukrami.
Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan,
teu pisan-pisan urang samudayana anu sami kersa sumping,
kalayan ridlo lillahi taala ngagebregkeun jiad pangdua ka
dua mempelai. Ngalangkungan duana Rasululloh SAW.
Mangga urang aos sasarengan :
Bismillah .
Baarokallohu laka wabaroka alaika wa jamaa bainakuma fi
khoiir
(Mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep
euntreup, nyanding mipir ngabanding, lamokot geugeut ka
hidep duaan, sareng pamudah-mudahan hidep duaan
dikumpulkeunana ku Alloh th sinanding jeung kasaan,
amin).

Mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan


kana pangkonan ibu rama

Audzubillahi minasy syaithonirrojim


Wawashshoinal insaana biwaalidaihi hamalathu ummuhu
wahnan ala wahniw wafishooluhuu fii aamaini anisykurlii
waliwaalidaika ilayyal mashiir (Luqman : 14)
Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun
ngabakti) ka indung bapana; indungna geus ngakandung
manhna dina kaayaan lemah anu kalangkung-langkung
lemahna, jeung indungna ngasuh manhna salila dua taun.
Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa manh, ngan
ka Kami wungkul manh mulang ka asal. (Luqman : 14)
Kasp, Geulis.
Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu
rama. Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna.
Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh
narawangan. Pk patepungkeun paneuteup ajeun jeung
paneutep indung bapa. Bayangkeun kua hidep yn dina
satts getih anu ngalmprh, sahgak nafas anu ngadami
dina angen. Pk rarasakeun ku hidep ratugna jajantung,
rnghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup
ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan
rarasakeun yn hidep th keur nyeuseup kanyaah jeung
kahmanna indung bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasp Geulis, geura nyaluuh kana
lahunan indung.
Sammh hidep duaan barang pnta kanu jadi indung, pk
haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa
ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah.

Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : Mamah, dina


danget ieu kalayan syaratna disaksni ku kadang wargi anu
hadir di dieu, hakkatna disaksni ku Alloh SWT, langkung
tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik
kabingahan kana kasaan anu parantos dipaparinkeun ka
abdi. Abdi jelas kahutangan ku Mamah, ti kawit abdi di
kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos
kapayahan anu langkung-langkung. Siang kalayan wengi
Mamah teu welh sumujud ka Rabbul Izzati, tumamprak ka
Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna
salamet, waluya sapuratina.
Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan,
seunggah gulang gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan.
Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying
teu betah cicing. Harita basa tengah peuting Mamah
humarurung nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun
balara. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal
ngurangan. Nanging sans ngurangan nyeri anu aya, malihan
tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan langit
ngocak maratan jagat. Mnta tulung, mnta nyalindung.
Mamah parantos bak dngkak nahan kanyeri jeung
kapeurih. Luut lt kesang badag, ksang leutik burayoan
maseuhan sakujur salira. Guyang darah, mandi getih,
sakapeung dibarung ku kasusah, sakapeung hat tugenah.
Harita Mamah parantos ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa
pingaraneunana. Anu namina ngajuru, luyu sareng istilahna.
Hartina nyawa Mamah th aya dina sajuruna deui.
Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina
tungtung hirup. Tanaga Mamah, engapan Mamah, kesang
Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan
bumi pikeun mlaan anu jadi anak.
Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya,
denghkna sora orok ceurik sataker kebek, ceurik
munggaran anu minuhan wewengkon alam. Nya harita pisan

basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka alam dunya. Ti


harita Mamah teu bisa kulem anu tibra, teu bisa lha-lha.
Ngupahan tur ngablaan nu jadi anak. Budak gering milu
gering, budak rungsing henteu pusing. Mamah milampah
sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung
ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna.
Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngsto tina
lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah
anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tida samudaya dosa
perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal katang
seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah
lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.
Deudeuh teuing kasp, geulis anak Mamah saleresna kasedih
Mamah dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung
kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah
kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku Mamah
dihampura. Naning anu ngalantarankeun Mamah sedih
danget ieu th nyata kabeurat hat indung kanu jadi anak.
Asa kamari hidep ku Mamah dish, diakod-akod waktu orok,
dimmnan waktu budak. Harita basa hidep ggag-ggag
diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep
tkah-tkah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah.
Bungah amar wata suta hat anu jadi indung, nalika nu jadi
anak tumuwuh mekar kalayan sampurna.
Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si
kasp anu dihancleung-hacleung ku Mamah, si Geulis anu
ditimbang-timbang ku Mamah teu sangka geuning geus
sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga.
Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon agama.
Sammangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar nu
Mahakawasa. Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladah
sagara rumah tangga. Geura bral miang, bbr layar tarik
jangkar ku Mamah diduakeun mugia sing tinemu jeung
kabagjaan dunya katut ahrat.

Mangga kasp, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah


ngalih kana panggonan Bapa

sagala cacawisan hirup taya lian nyata ngakirangan nu jadi


anak.

Prak tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa. Sagulungsagalang sukma nu paanggang kiwari ngahiji dina
seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak. Ujang, nyai kasp,
geulis. Sok puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu
jadi Bapa ka nujadi anak dina salila ngipayahan, nyumponan
kabutuh hirup nu jadi anak. Sakapeung mah Bapa th
mindeng baringung, ditambah bangluh kasusah nalika teu
bisa nyumponan kahayang nu jadi anak. Bapak rajeun
ngalamun, mikiran tur narkahan kumaha carana sangkan
kahayang nu jadi anak bisa kacumponan sapuratina.

Keun cuang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag


cuang tunda kangwa anu geus tiheula. Cuang ganti ku budi
anu sajati, ku wajah anu marahmay. Sok ku Bapa kiwari hidep
dihampura, sagala rereged, kaijid, kangwa, tur kageuleuh
Bapa kiwari balungbang timur caang bulan opat welas, jalan
ged sasapuan.

Lamun indung disebutna tunggul rahayu, sedengkeun Bapa


disebutna tangkal darajat. Kanyaah indung jeung bapa ka nu
jadi anak layeut ngahiji ngawujud, ngajnglk dina rupa
anak. Nu matak dina jirim anak bakal pacampur ttsantitisan indung bapana. Nya kitu deui dina akhlak jeung
pamolahna bakal cepls ts kanu jadi anak.
Bapa, rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa. Dina
danget kiwari clik putih jatining bersih, clak hrang jatining
padang, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal,
getih satth ambekan sadami, kiwari abdi neda jembar
hampura tinu jadi Bapa.
Baeu kasp, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku
mangsa. Hamo lingsir dina wanci, moal ligar dina mangsa.
Kiwari wanci tur mangsana Bapa dumareuda wakca balaka
ka hidep duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir
kaasih, sagara kanyah Bapa kahidep th mmang langka
kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning sanajan
kitu, ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep th tinangtos
langkung-langkung kanyaah. Sabab, sagala rupa anu
diusahakeun ku Bapa blaan ngadua-duakeun huap, ti sruksruk tidungdung blaan poho ka temah wadi, teu aya lian
nyata mlaan nu jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur

Cag, anaking geura tandang miang makalangan, geura


milampah babarengan kalayan diwuwuh ku dua nu janten
sepuh. Dijiad ku panghiap nu jadi Bapa. Montong melang,
tong salempang lngkahkeun sampan bari ngucapkeun niat
seja milampah tugasna Pangran.
Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir
geus ngagupayan mnta dikojayan. Geura bral undur tina
pangkonan, geura hontal kasinugrahan. Hayu urang hirup
babarengan, Bapa geus nyiapkeun kandaraan juang pikeun
ngajugjug lembur pangharepan.

Sok diduakeun ku Bapa lahir katut batin, mugia hidep duaan


tinemu jeung kabagjaan

You might also like