You are on page 1of 1

Langkung tipayun urang sami sami sasarengan muji sukur ka dzat Alloh

nu maha gofur, solawat sareng salam mugia Alloh limpahkeun ka panutan Alam
Habibanna wa nabiyana kanjeng nabi Muhammad SAW.
Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh
Dina mangsa kiwari teu saeutik jalmana anu ngadewa dewakeun elmu
pangaweruh jeung harta kakayaan, tapi kanyataan teu bias dibantah deui yen ku
elmu pangaweruh jeung harta kakayaan tanpa akhlak anu mulya kakacowan
dunya teu bias dibereskeun kaamanan jeung kasejahteraan nepika kiwari can
bias diwujudkeun. Jadi atra pisan yen akhlak anu mulya pohara diperlukeunana
pikeun pribadi, kulawarga oge masarakat.
Dawuhan Alloh dina hadist kudsi anu kieu kirang langkung
pihartoseunana:
Kami geus nyieun abdi abdi kalawan elmu Kami, saha anu
dikersakeun ku Kami jadi jalma anu hade,ku kami bakal dibere akhlak anu
alus, jeung sing saha anu ku Kami jadi jalma anu goreng, maka Kami bakal
mere ka eta jalma akhlak anu goreng.
Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh
Dina ngabina umat, Rosullulloh lain ngan sa ukur loba nyarita wungkul,
pinter teori, tapi bari ngamalkeun naon naon anu ku Mantena diajarkeun.
Malah jadi conto pikeun sakumna umat.
Mudah mudahan urang sadaya tiasa nyonto kana akhlakna Rosullulloh
SAW.
Sakitu anu tiasa kapihatur, margi waktos parantos wengi

You might also like