You are on page 1of 1

Bismillahirohmanirrohim

Assalamualaikum Wr Wb

Alhamdulillahi robbil alamin wasolatu wasalamu alaa asrhofil anbiyai wal mursalim waala
alihi wasokhbihi adzmain. Robbis sodri wayasirli amri wahlul ukdatam minlisani yafkhohu kauli.
Sadaya puja sareng puji kagungan Allah SWT tuhan semesta alam. Mugia salawat sareng salam
dicurahkeun ka kangjeng nabi Muhammad SAW, keluargana, para sahabatna, kaurang sadaya
anu sami hadir ditempat ieu oge kaummatna anu taat sareng tumut ka anjeuna.
Dongkapna simkuring ti bandung kacida isinna margi dongkap ka keluarga Bapak
teh, ari jalmina seueur tapi teu jingjing teu bawa. Istuning keupat ngagandeuang kuituna sakali
deui simkuring neda sih hapunten anu saageung-ageungna.
Bapak
sakulawarga anu ku simkuring dipihormat, simkuring sareng keluarga pun
lanceuk, pun adi, ti Bandung dongkap ka Kadungora seja ngeratkeun silahturahmi kuayana dua
insan anu hoyong ngahiji ngabina rumah tangga, nya eta neng
sareng
.
Sok sanaos pun anak teh sepi ku harti tuna harta, simkuring seja nyerenkeun ieu pun anak
, hoyong ditikahkeum ka neng
putri Bapak
kalayan niat ibadah
dibarengan kurasa tanggung jawab anu pinuh dina enggoning engke ngambah rumah tangga.
Ari ibadah teh dasar tujuan hirup manusa. Sagala rupa laku lampah anu sae diniatkeun ibadah
karana Allah. Wama holaktuljina wal insa illa liyabudun.
Bapak
sakulawarga anu ku simkuring dipikahormat, mugi bapak kersa nampi pun
anak
nikah ka putrid bapak neng
. salajengna saupami parantos
ditikahkeun, mugi bapak kersa nampi
sebagai anak kandung sendiri. Kitu deui
simkuring ka neng
ditampi sebagai anak kandung sendiri. Mudah-mudahan
walimatul urus
sareng
aya dina Ridho sareng ijin Allah SWT.
Mungsakitu anu kapihatur, bilih aya carosan, perilaku, tatakrama anu teu sapagodos ti pihak
simkuring di acara ieu mugi Bapak
sakulawarga kersa ngahapunten.

Wabillahitaufil wal hidayah


Wassalamualaikum Wr Wb

You might also like